Assalamualikum wr,wb.. Untuk kelas 10 TO Hari ini materi bahasa sunda yaa.
Baca Sajak dihandap !
Hareupeun Gedung Merdéka
Karangan Apip Mustopa
Aya nu jajaluk nundutan
gigireun tétécéan
panto Gedung Merdeka
padahal tutumpakan
Tingbaliur taya reureuhna
henteu puguh dédéngéan
Tihang-tihang bandéra nu kosong
bangun narangkeup harigu
tingharuleng tur tibelat
leungiteun sumanget Bandung
Basa aya sora ngagerit tarik
erém mobil disakalikeun
nu jajaluk ngulisik kahudangkeun
cengkat tuluy ngarampaan
dudukuy namprak nu masih kosong
luk tungkul deui nundutan
bisa jadi nuluykeun impian
sumanget Bandung
Bandung, Juli 83
0 komentar:
Posting Komentar