Assalamualaikum wr,wb .Wilujeng énjing Barudak Sadayana!
Mugia dinten ieu dipasihan kalancaran, kabagjaan, sareng kaséhatan...Aamiin
Wilujeng patepang deui sareng Ibu Enok Hasanah dina pangajaran Basa Sunda.
Sateuacan diajar, hayu urang ngadu'a sasarengan. Réngsé ngadua'a, pék ku hidep eusian absen dina link dihandap.
Dina dinten ieu, Kemis 3 September 2020 Ibu badé ngalajengkeun materi ngeunaan paribasa tarjamahan.
Ku mekarna elmu pangaweruh jeung tehnologi, paribasa nu kiwari dipake ku urang Sunda teh aya nu jieunan dina basa Sunda, tapi aya oge nu meunang narjamahkeun tina basa deungeun, upamana wae tina basa Inggris, Arab, Walanda, Indonesia, Jawa, Portugis, jeung bisa jadi aya deui tina basa sejenna.
Sangkan leuwih eces, titenan sawatara paribasa tarjamahan tina basa deungeun di handap ieu !
Paribasa tina basa Indonesia
conto:
Aya hurang handapeun batu (ada udang di balik batu)
Kawas cai dina daun taleus (seperti air di daun talas)
Paribasa tina basa Arab
conto:
Nu sabar kakasih Gusti (innalloha maasyobirin)
Nyaah ka lemah cai sabagean tina iman (hubbul wathon minal iman)
Kabersihan sabagean tina iman (anna dhofatu minal iman)
Paribasa tina basa Inggris
conto:
Waktu sarua jeung duit (time is money)
Lamun aya kahayang, tangtu aya jalan (where there is a will, there is a way)
Paribasa tina basa Jawa
conto:
Adam lali tapel (poho ka wiwitan atawa asal usul)
Adu telu ampar tiga (nu boga perkara/ jual beuli diriungkeun)
Pancen Mandiri kerjakeun dina buku terus di foto jawaban kirim ka link di handap sakalian absen.
Kirim Jawaban berikut absen di link dihandap.
http://bit.ly/Absensi-Tugas-BahasaIndonesia-BahasaSundakelas-10